Thursday, July 30, 2009

Rupa-rupa kaulinan budak

Alap-alap
kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
Alung Boyong kaulinan di buruan imah atawa di lapang, dipaénkeun ku 8 nepi ka 10 urang nu dibagi 2 grup, prak-prakanana siga maén voly silih tampanan bal nu dijieun tina lamak butut.
Ambil-ambilan kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
Anjang-anjangan kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
Bébéntangan kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
Béklén Béklen atawa béklen nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20 gé kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. Nu maraénna andeprok na téheul nu beresih nguriling jiga samodél lingkaran.
Boy-boyan kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
Bubuyungan kaulinan nu merelukeun 2 grup, jarak maénkeuna paanggang-anggang, unggal grup silih teguh di saha disumputkeuna batu leutik di grup lawanna.
Cacaburangé kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
Cingciripit

Kaulinan budak ieu minimal dilakukeun ku 3 urang, saurang nu jadi ucing kudu namprakeun leungeun, ari nu lainna neundeun curuk kana leungeun ucing. Terus bari nembangkeun kawih :"Cingciripit Tulang Bajing Kacapit kubulu pare Bulu pare seuseukutna Jol Pak Dalang Mawa Wayang Jrek...jrek..nonnng!!". Pas dina bait jrek.. jrek... nong! leungeun ucing nu namprak gancang dikeupeulkeun, anu teu kebat ngejatkeun curukna / curukna kakeupeul gantian jadi ucing.

Congklak kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
Dam-daman kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
Empét-empétan kaulinan mangsa sawah dibuat, ku cara niupan tarompét tina jarami.
Éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
Endog-endogan kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
Éngklé kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.
Galah Asin kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
Gatrik kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
Gugunungan kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
Hahayaman kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
Jajangkungan kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan, disebut ogé égrang.
Kali-kali Konéng kaulinan di buruan imah atawa lapang, ngariuang ngawangun buleudan. Leungeunna pacekel-cekel. Mun dina acara kaulinan pramuka atawa olah raga mah "membentuk lingkaran, sing saha nu katunjuk kudu jadi cicing di jero buleudan nepi ka bisa kaluar.
Langlayangan kaulinan tina keretas nu dirarapkeun dina rangka awi nu meunang ngaraut, ditalian ku kenur atawa benang biasa. Dimaénkeuna biasana di lapang atawa lahan anu lega.
Luncat Tali kaulinan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
Momonyétan kaulinan bari kakawihan dipaénkeun ku lobaan, sing saha nu kapeto jadi monyetna ceulina digélang nepi ka beureum.
Ngadu Kaléci kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
Ngawihan Téténggék kaulinan nu masing-masing nyarekel téténggék bari dikawihan sangkan sirah téténggék kaluar.
Oray-orayan kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
Pacici-cici Putri kaulinan di jero imah bari kakawihan, nu ngawih nunjukan dampal leungeun baturna nu némprak, anu leungeunna katunjujk pas dina panungtung kawih ditanya kahayangna.
Paciwit-ciwit Lutung kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih. Kawihna kieu: "Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah kaluhur" pindahkeun panangan nu asalna dihandap kaluhur.
Papanggalan kaulinan tina kai anu diraut atawa dibubut mangrupa jambu batu, endog meri atawa siki jambé, dina palebah bujurna atawa buntutna dipaku meunang motong pepentulna méh dempes. Cara muihkeun panggalna, panggal téh dibeulitan ku tali rara atawa lamak ti mimiti tungtung paku dina bujurna nepi ka lebah awakna rada kabulen kabéh. Tungtung rara téa ditalikeun sina menyendul geusan pamageuh, heug dicapit ku sela-sela jariji jeung cinggir. Hulu panggalna dicekel ku indung leungeun, ari lebah pakuna ditahan ku curuk anu katuhu. Tuluy dialungkeun rada dibeubeutkeun ka hareup kira-kira dua léngkaheun bari rada dicentok atawa dikenyedkeun.
Pelak Cau kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
Pérépét Jengkol kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
Sapa Punya kaulinan barudak nu dipaénkeun ku lobaan, salah saurang disimbutan ku samping nepi ka buni ku luluguna, geus kitu ku batur-batuna ditebak sing saha nu aya di jero samping, nu saméméhna batur-baturna nyarumput heula.
Sépdur kaulinan siga kakaretaan, dua jadi hulu kareta sésana jadi gerbongna, bari ngawih kakarétaan maju kaluar asup panto. Pas tungtungna lagu (lagu réngsé) duaan nu jadi panto nangkep kana gerbong tadi. Nu katangkep jadi “ucing” ngagantian jadi panto.
Sérmen kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
Sisireuman kaulinan barudak nu keur ngarit jukut, salah saurang ngaranggem jukut carulang nu tungtung jukutna pada milih, sing saha nu kabeneran menang jukut carulang pangpanjangna baris menang jukut sakeupeul ti batur-baturna.
Sondah kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
Sorodot Gaplok ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.
Timpugan kaulinan maké muncang ku cara silih timpugan kana muncang séwang-séwangan, sing saha nu muncangna kuat teu beulah jadi nu menangna.
Titinggi Ula Ali kaulinan di buruan imah atawa lapang, ngabaris siga titinggi pacekeul-cekeul kana karémbong nu ditalikeun kana cangkéng, nu panghareupna disebut hulu, hulu mawa rokrak atawa daun nu saterusna dipihapékeun ka babaturanna nu nguntuy ka tukang nepi ka panungtung nu disebut buntut.
Ucing Beling kaulinan ku nyieun buleudan dina taneuh, silih sumputkeun beling dina buleudan séwang-séwang baris teu kapanggih ku baturna nu kapeto jadi ucing.
Ucing Sumput kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
Ucing-ucingan kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.

No comments:

Post a Comment

Post a Comment